Selasa, 14 November 2017

Nadzom fiqih basa sunda



Karangan : Ajengan Juwaeni Ibnu Abdurrahman

BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIM

19.  PASAL WAKTU ANU HARAM DIPAKE  SHOLAT

Haram sholat dina jero lima waktu
Lamun henteu aya sebab anu tangtu

Hiji waktu mata poe keur bijilna
Sahingga sakadar satumbak luhurna

Dua waktu tengah-tengah langit pisan
Salian jum'at hingga mengok ka kulon

Ka tiluna rek surup layung nu sae
Hingga surup pisan eta mata poe

Opat b'ada sholat subuh ka limana
B'ada sholat 'ashar eta sampurnana

Ari sholat qodho mah taya pamengan
Dina waktu mana najan pasosonten


Nadzom fiqih basa sunda



Karangan : Ajengan Juwaeni Ibnu Abdurrahman

BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIM

20.  PASAL MEURTELAKEUN RUKUN ANU KUDU TUMA’NINAH


Ari rukun anu kudu thumaninah
Eta opat, hiji ruk'u ulah salah

Ka duana i'itidal ka tilu dina
Sujud opat dina diuk antarana

Nadzom fiqih basa sunda



Karangan : Ajengan Juwaeni Ibnu Abdurrahman

BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIM

21.  PASAL ANU NGABATALKEUN KANA SHOLAT

Ari anu ngabatalkeun kana sholat
Opat belas, hiji hadats kade lepat

Dua katibanan najin mun teu terus
Diragragkeun tina badan serta mulus

Tilu kabuka 'aurat mun teu ditutup
Buru-buru, opat ngucap dua huruf

Atawa hiji huruf aya hartian
Kaya ngucap samaksud ngagenihan

Batal deui ku ngadehem anging lamun
Aya 'udzur ngunikeun nu jadi rukun

Kalimana ngahaja migawe barang
Nu matak batal kana puasa urang

Kagenepna dahar seueur najan lali
Tujuh tilu kali usik nuli-nuli

Kadalapan luncat sareng sabangsana
Kasalapan neunggeul tarik jeung mitsilna

Kasapuluh nambah rukun anu bangsa
Pagawean tur ngahaja teu kapaksa

Kasabelas miheulaan ka imamna
Dua rukun bangsa pagaweanana

Atawa mandeurikeun maneh ti imam
Anging 'udzur teu bisa nuturkeun imam

Dua belas niat megatkeun sholatna
Katilu belas gantung pegat sholatna

Opat belas mider-mider rek megatkeun
Kana sholatna mana nu ditetepkeun

Nadzom fiqih basa sunda



Karangan : Ajengan Juwaeni Ibnu Abdurrahman

BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIM

22.  PASAL MEURTELAKEUN SUNAT AB’AD

Ari sunnah ab'adh tujuh sadayana
Hiji tahiyyat awwal, dua lungguhna

Maca sholawat ka Nabi katiluna
Dina jero tahiyyah anu awwalna

Sholawat kaula wargana kaopatna
Dina jero tahiyyat nu pandeurina

      Lima maca qunut dina saban dinten
      Genep qunut witir saparo romadhon

      Tujuh maca sholawat ka Kangjeng Nabi
      Dina qunut ka sohabat Kangjeng Nabi

Nadzom fiqih basa sunda



Karangan : Ajengan Juwaeni Ibnu Abdurrahman

BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIM

23.  PASAL MEURTELAKEUN PASUNATAN MEMEH JEUNG DINA JERO SHOLAT

Ari pasunatan dina memeh sholat
Aya dua hiji adzan dua qomat

Sareng dua sunat dina jero sholat
Hiji tahiyyat awwal kadua qunut


      

Nadzom fiqih basa sunda

Karangan : Ajengan Juwaeni Ibnu Abdurrahman BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIM 19.   PASAL WAKTU ANU HARAM DIPAKE   SHOLAT Haram shol...