BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIM
5.
PASAL NU NGABATALKEUN KANA WUDHU
Opat rupa ngabatalkeun kana wudhu
Coba bilang ku maneh ulah kaliru
Hiji nu kaluar ti salah sahiji
Qubul dubur naon bae lian mani
Kaduana lengit akal sabab edan
Sabab weureu sare sakalor jeung ayan
Anging jalma sare nu rapet biritna
Kana tempat diuk teu batal wudhuna
Katiluna paantel kulit awewe
Jeung lalaki dua nana pada gede
Batal soteh anteul jeung lain mahramna
Sarta teu make hahalang antarana
Kaopatna nyabak qubul sareung dubur
Bangsa jalma ku dampal leungeun dilagar
Tidak ada komentar:
Posting Komentar