Karangan : Ajengan Juwaeni Ibnu Abdurrahman
BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIM
29. BAB HAJI
Diwajibkeun munggah haji ka
baitulloh
Dina saumur sakali kanu mampuh
Dina saumur sakali kanu mampuh
Maka lamun sanggeus mampuh pot umurna
Maka jadi wajib dihajikeunana
Ari rukun haji lima kade salah
Hiji ihrom kadua wuquf di 'arfah
Rukun katiluna thowaf di baitulloh
Opat sa'i antara shofa jeung marwah
Kalima ngagunting atawa dicukur
Tina rambut sirahna sing loba syukur
Iyeu lima salian wuquf di 'arfah
Tinggal opat jadi rukun tina 'umroh
Iyeu rukun-rukun haji jeung 'umrohna
Eta aya syaratna sareng fardluna
Maka wajib sadayana dihartoakeun
Ku sugerning anu bade ngalampahkeun
Sareng haram kanu ihrom seuseungitan
Sareng haram sirah jenggot diminyakan
Miceun kuku miceun buuk sareng jim'a
'Akad nikah sareng muqoddamah jim'a
Sareng moro boboroan tanah darat
Nu didahar henteu haram sato laut
Sareng haram lalaki nutup sirahna
Sareng haram ka istri nutup rarayna
Sareng sarung tangan sareng haram deui
Anu nyarung kaya gamis di lalaki
Maka saha nu migawe paharaman
Maka dosa jeung wajib dikifaratan
Ari jim'a jaba haram ngaruksakeun
Kana haji sareng wajib diqodloan
Sareng wajib dina taun sab'adana
Sareng wajib kifarot geude ngarana
Sareng wajib ihrom haji sareng umroh
Tina miqot sareng nginep muzdalifah
Sareng nginep di mina sareng ngabalang
Jumrotul 'aqobah poenan rayagung
Sareng ngabalang jumroh tiluanana
Dina poe tasyriq jeung thowaf wad'ana
Sareng haram boboroan tanah haram
Sareng jujukutanana kanu ihrom
Sareng kanu henteu ihrom oge haram
Jukutna jeung boboroan tanah haram
Sareng tambah mun ganggu di tanah mekah
Kana boroan jeung jukut wajib fidyah
Lamun urang rek migawe hiji barang
Wajibkeun ilmuna heula masing terang
Sabab gusti Alloh ngawajibkeunana
Eta pasti ngawengku syarat rukun na
Sareng wajib marentah sareng mernahkeun
Ka jalma nu ninggal syarat sareng rukun
Lamun teu jadi fitnah wajib maksana
Lamun mantak fitnah wajib ngainkarna
Sareng disyaratkeun sadayana amal
Kedah ikhlas kerna Alloh 'Azza wa Jal
Sareng kadaharan urang kedah halal
Sareng panganggona mun teu kitu gagal
Sareng wajib sadayana ngaraksa
Anggahota urang tina lampah dosa
Margi agama teh dua kalakuan
Hiji tho'at dua nyinggahan cegahan
Sakieu ge ilmu fiqih atos cekap
Pikeun jalma ibadahna rada handap
Sapertos jisim abdi anu dlo'if
Anu pamendakna sakalangkung la'if
Tidak ada komentar:
Posting Komentar