Selasa, 14 November 2017

Nadzom fiqih basa sunda



Karangan : Ajengan Juwaeni Ibnu Abdurrahman

BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIM

28.  BAB PUASA

Wajib kanu islam saban-saban taun
Tur mukallaf puasa bulan romadlon

Jadi jumlah syarat wajib shiyam opat
Hiji islam, aqal, baligh sareng kuat

Ari fardlu sareng rukun shiyam opat
Ari rukun kahiji nyaeta niat

Kaduana nangtukeun niat puasa
Saban peuting poe isuk rek puasa

Rek nekanan puasa fardlu romadlon
Atawa nekanan anu dinadzarkeun

Katilu nanahan tina dahar leueut
Tina jima tina utah kade lepat

Opat nyaho mimiti jeung panungtungan
Ulah niat jeung buka satabrang-tabrang

Anu ngabatalkeun puasa sapuluh
Masing apal ngarah jadi jalma teguh

Hiji 'ain anu nepi kana beuteung
Najan leutik sarta dihaja ku urang

Atawa kajero tikoro jeung sirah
Henteu batal neureuy ciduh nu beresih

Jeung teu batal asup 'ain kana beuteung
Teu dihaja atawa dipaksa orang

Jeung teu batal kebul pangayakan tipung
Jeung katalanjuran cai kana irung

Lamun henteu banget dina kekemuna
Sareng ngingsreuk cai kajero irungna

Dua huqnah hartina ngasupken ubar
Tina salasahijina qubul dubur

Atawa ngasupkeun tungtung ramo kana
Qubul dubur dina waktu istinjana

      Dina qodlo hajat sareng istinjana
      Masing bisa pisan urang ngaraksana



Katiluna ngahaja utah tur eling
Najan taya nu bujil ti jeuro beuteung

Opat wathi ngahaja liwat hasyafah
Lima ngaluarkeun mani kade salah

Genep nifas tujuh haid dalapan edan
Murtad na’udzu billah minha salapan

Kasapuluh ngajuru nu matak batal
Kana puasa urang eta sing apal

Ari anu sunat dina bab puasa
Eta seueur maneh ulah asa-asa

Hiji enggeus yaqin surup mata poe
Gancang buka lamun mangmang tunggu bae

Tepi ka yaqin na mata poe surup
Tuluy buka supaya puasa cukup

Lamun aya buka sunat make korma
Mun teu aya ku cai atah ge sama

Dua sunat ngakhirkeun sahur tapina
Ulah tepi ka mangmang dina sahurna

Tilu sunat ulah ngomongkeun nu ala
Kaya ngupat ngadu ngadu lampah cela

Sareng sunat nyulayaan kahayangna
Syahwat urang sinareng hawa nafsuna

Sareng sunat lamun boga hadats gede
Kudu adus ti peting na agai agai

Sareng sunat maca qur an masing rosa
Mudah mudahan hasil laelatul qodar

Sareng sunat ngareakeun kasaean
       Sareng nyegah tina lampah kakusutan






Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Nadzom fiqih basa sunda

Karangan : Ajengan Juwaeni Ibnu Abdurrahman BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIM 19.   PASAL WAKTU ANU HARAM DIPAKE   SHOLAT Haram shol...