Selasa, 14 November 2017

Nadzom fiqih basa sunda



Karangan : Ajengan Juwaeni Ibnu Abdurrahman

BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIM

27.  PASAL MEURTELAKEUN PAMAKRUHAN SHOLAT

Seueur pisan pamakruhan dina sholat
Sawarehna ngalieuk teu aya hajat

Kaya ngalieuk barangna bisi leungit
Serta makruh keur sholat nenggak ka langit

Malihan dawuhan mutawali
Ngalieuk teh haram sareng hulaimi

Sareng numutkeun qoulna syekh adzro'i
Tanggah ka luhurge haram cara tadi

Makruh deui ku panon mere isyarat
Atawa ku biwir lamun taya hajat

Sareng bedas dina tempat anu kendor
Sareng sabalikna lamun taya 'udzur

Sareng makruh nulak cangkeng taya 'udzur
Margi eta kalakuan nu takabbur

Sareng makruh sholat gancang purat-perot
Rukun oge ampir aya nu kaliwat

Sareng makruh peureum mun inggis cilaka
Henteu makruh mun teu inggis aya bahla

Tapi lamun aya gambar dina tempat
Pangsholatan eta peureum jadi sunnat

Dina ruku dina sujud makruh deui
Rapet beuteung kana pingping dilalaki

Sareng ngarapetkeun peupeuteuyanana
Dina gigir dina ruku jeung sujudna

Sareng makruh lungguh cara anjing diuk
Sareng sujud cara gaok macok lauk

Sujud cara singa depa eta makruh
Sareng dina ruku handap teuing sirah

Sareng makruh manjangkeun tahiyyat awwal
Salian mamum kajeun sholawat ka al (keluarga nabi)

Sareng makruh nyorokkeun ramo leungeun na
Jeung nguyupuk laer teuing disampingna

Sareng makruh nyiduh ka hareupeunana
Jeung katuhu henteu makruh ka kencana

Lamun nyiduh di masjid sing ati-ati
Bisi ngecret kana tempat anu suci

Sareng makruh nekenkeun sabeulah suku
Dina nangtung kenca atawa katuhu

Sareng makruh sholat bari nahan hadats
Kiih ngising atanapi nahan bobos

Sareng makruh mun geus hadir kadaharan
Sareng lapar jeung makruh bubudugulan

      Sareng makruh make beubeur dina cangkeng
      Anging lamun dipake mageuhan samping

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Nadzom fiqih basa sunda

Karangan : Ajengan Juwaeni Ibnu Abdurrahman BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIM 19.   PASAL WAKTU ANU HARAM DIPAKE   SHOLAT Haram shol...