Karangan : Ajengan Juwaeni Ibnu Abdurrahman
BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIM
26. PASAL MEURTELAKEUN RUPA RUPA NU DITINGGALKEUN
DINA SHOLAT
Tilu rupa
ditinggalkeun dina sholat
Hiji fardlu dua sunnah jeung haiat
Hiji fardlu dua sunnah jeung haiat
Lamun ninggal hiji fardlu najan lali
Eta henteu katambal ku sujud sahwi
Lamun deukeut keneh wajib balik deui
Kana fardlu make tambah sujud sahwi
Ari sunnah entong balik sanggeus urang
Gawe fardlu tapi sujud nambal kurang
Ari sunnah haiat henteu kitu kiyeu
Entong sujud entong balik kanu biyeu
Saha anu mang-mang dina rokaatna
Kudu nyokot bilangan pangsaeutikna
Pami subuh asa dua asa hiji
Wajib nambah serta sunnah sujud sahwi
Tidak ada komentar:
Posting Komentar