Selasa, 14 November 2017

Nadzom fiqih basa sunda



Karangan : Ajengan Juwaeni Ibnu Abdurrahman

BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIM
  
18.  PASAL MEURTELAKEUN WAKTU SHOLAT

Maka wajib dimana geus manjing waktu
Gawe sholat atawa niat nu tangtu

Rek migawe sholat dina jeuro waktu
Jadi dosa urang lamun hante kitu

Ari mimitina aya waktu dhuhur
Eta lingsir mata poe anu luhur

Ari akhirna lamun kalangkung urang
Anggeus sarua sareng adeugan urang

Ari seep waktu dhuhur maka dongkap
Waktu asar hingga mata poe surup

Awal magrib eta surup mata poe
Hingga surup mega beurem nu biasa

Seep magrib dongkap deui waktu isya
Hingga surup mega beureum nu biasa

Seep isya dongkap deui waktu subuh
Hingga bijil mata poe anu teguh

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Nadzom fiqih basa sunda

Karangan : Ajengan Juwaeni Ibnu Abdurrahman BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIM 19.   PASAL WAKTU ANU HARAM DIPAKE   SHOLAT Haram shol...