Sabtu, 11 November 2017

Nadzom fiqih basa sunda


Karangan : Ajengan Juwaeni Ibnu Abdurrahman


Bismillahirrahmanirrahim
13.PASAL MERTELAKEUN TAKBIRATUL IHROM

Syarat takbiratul ihram eta aya
Genep belas syarat teu kengeng teu aya

Hiji prakna mudu sanggeus nangtung bener
Lamun solat fardu sareng taya udzur

Dua mudu basa arab lamun bisa
Tilu mudu lafadz Allah nu kawasa

Opat mudu lafadz akbar kalimana
Mudu tartib eta lafadz dua nana

Genep ulah panjang hamzah lafadz Allah
Ba’.. na lafadz akbar  ulah panjang nu ka tujuh

Kadalapan "ba" na ulah di tasydidan
Ulah tambah wau eta ka salapan

Antara kalimah dua ka sapuluh
Ulah tambah wau memeh lafadz Allah

Kasabelas ulah ereun antarana
Kalimah Allah sareng lafadz akbarna

Dua belas sadayana hurup takbir
Sing kadangu ku awak nu boga takbir

Tilu belas kudu sangges manjing waktu
Lamun dina sholat nu di waktu waktu

Opat belas prakna takbir dina tingkah
Sanggeus urang nyanghareup ka baitullah

Lima belas ulah ngaruksak aksara
Atawa patukeur deui jeung aksara

Ka genep belas ari takbir na ma’mum
Eta mudu pandeurieun takbir imam

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Nadzom fiqih basa sunda

Karangan : Ajengan Juwaeni Ibnu Abdurrahman BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIM 19.   PASAL WAKTU ANU HARAM DIPAKE   SHOLAT Haram shol...