Karangan : Ajengan Juwaeni Ibnu Abdurrahman
BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIM
14.PASAL MEURTELAKEUN
SYARATNA FATIHAH
Syarat fatihah
sapuluh sadayana
Hiji tartib
tuluy tuluy kaduana
Katiluna ngaraksa
hurup fatihah
Opat ngaraksa
tasydidna ulah salah
Kalimana ulah
repeh anu lila
Genep ulah
repeh anu heunte lila
Anu neja
megatkeun bacaan nana
Tujuh mudu
maca sadaya ayatna
Kadalapan
ulah ngarobah aksara
Sareng baris
anu matak robah makna
Kasalapan
macana fatihah mudu
Sanggeus nangtung
lamun dina sholat fardu
Sareng maca
sakabeh hurup fatihah
Sing kadenge
ku awakna ka sapuluh
Sareng ulah
kaselang ku dzikir lian
Anging amin
imam anu ngamimitian
Tidak ada komentar:
Posting Komentar