Senin, 13 November 2017

Nadzom fiqih basa sunda



Karangan : Ajengan Juwaeni Ibni Abdirrahman

BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIM

15.  PASAL MEURTELAKEUN TASYDIDNA FATIHAH

Opat belas eta tasydidna fatihah
Hiji luhureun lam na lafadz bismillah

Dua tilu luhuren “ra” na rohman rohim
Opat luhureun “lam”na lillahil ngadzim

Lima luhureun “ba” na robbil ‘alamin
Genep tujuh dina “ra” na rohman rohim

Luhureun “dal” yaumiddin kadalapan
Dina “iyyaka” na’budu ka salapan

Dian “iyyaka” nastaiin sapuluhna
Dina shirotol mustaqiim sabelasna

Opat beulas diluhuren lafadz “dholliin”
Ari ngaji ulah ka gembang ku ulin


Catetan :
1.  Hapunten nu ka dua belas sareng ka tilu belas teu aya dina bukuna
Manawi aya nu uninga,,,diantos bantosan kangge ngalengkepan nana...
2.  Dina shirotol mustaqim,,maksadna " tasydid luhuren "shod"

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Nadzom fiqih basa sunda

Karangan : Ajengan Juwaeni Ibnu Abdurrahman BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIM 19.   PASAL WAKTU ANU HARAM DIPAKE   SHOLAT Haram shol...