Selasa, 07 November 2017

Nadzom fiqih basa sunda

BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIM


2. PASAL MEURTELAKEUN NAJIS

Sakur aen bijil tina kubul dubur                                  
Eta najis liyan mani nu ditutur

Anging babi arak bangke geutih nanah                    
Bulu bangke tulang ceker najan utah

Anging bangke jalma simeut lauk cai
Eta tilu rupa bangke teuteup suci

Ari reuhak ciduh leho korong cileuh    
Eta lain najis tapi barang geuleh

Anggahauta pisah tina sasatoan                                
Anu hirup hukum bangke sato hewan

Anging bulu sato hewan nu didahar             
     jeung ciduhna kesang kasturi teusamar

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Nadzom fiqih basa sunda

Karangan : Ajengan Juwaeni Ibnu Abdurrahman BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIM 19.   PASAL WAKTU ANU HARAM DIPAKE   SHOLAT Haram shol...