1. PASAL MEURTELAKEUN CAI
Sakur cai bijil
ti bumi ti langit
Menang dipake susuci najan pait
Kaya ibun ci
laut sumur wahangan
Hujan buah ciburial jeung cihujan
Anging lamun eta
cai geus dipake
Micen najis hadats leutik hadats
gede
Maka eta suci
tapi teu nyucikeun
Mun teu robah ku najis anu di
piceun
Deui cai robah
sabab kacampuran
Barang suci kaya cai di euntehan
Hante jadi naon
naon cai robah
Sabab cicing atawa kayu di kulah
Ari cai saeutik
mun kanajisan
Jadi najis najan teu robah teu naon
Sejen lamun cai
gede kanajisan
mun teu robah eta teu jadi halangan
Ari cai
kapanasan mata poe
Eta makruh kana salira teu sae
Makruh soteh mun
caina masih panas
Dina wadah nu dipalulian emas
Deui makruh cai
kacida panasna
Cara makruh cai kacida tiisna
Ngaran cai
saeutik nu hanteu aya
Tilu ratus punjul lima kati jawa
Lamun cukup
beurat tilu ratus lima
Disebutna cai geude ku ulama
Lamun wadah
pasagi saasta leuwih
Saparapat eta cai geude deuih
Tidak ada komentar:
Posting Komentar