Rabu, 08 November 2017

Nadzom fiqih basa sunda

Karangan : Ajengan Juwaeni Ibnu Abdurrahman

BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIM


8. PASAL MERTELAKEUN PAHARAMAN KA JALMA 
     BOGA HADATS LEUTIK HADATS GEDE

Saha jalma batal wudhu maka haram
Opat rupa hiji solat coba faham

Dua thowaf katiluna nyabak qur an
Najan tulisan saayat dina papan

Opat mawa qur an anging di wenangan
Dina barang ulah niat mawa qur an

Haram ka jalma nu junub genep rupa
Ari anu opat tadi jangan lupa

Lima cicing di masjid anging di pipir
Genep maca qur an anging niat dzikir

Ari paharaman sabab haid jeung nifas
Sapuluh genep nu tadi jangan waswas

Tujuh puasa jeung talak ka dalapan
Ari ngaliwat ka masjid ka salapan

Haram liwat lamun geutih sieun ngecret
Ukur makruh lamun aman urat aret

Sapuluh dialap suka antarana
Tuur bujal najan teu aya syahwatna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Nadzom fiqih basa sunda

Karangan : Ajengan Juwaeni Ibnu Abdurrahman BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIM 19.   PASAL WAKTU ANU HARAM DIPAKE   SHOLAT Haram shol...