Rabu, 08 November 2017

Nadzom fiqih basa sunda

Karangan : Ajengan Juwaeni Ibnu Abdurrahman

BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIM


9.      PASAL MERTELAKEUN HAID JEUNG NIFAS

Ari kadar haid anu pang saeutikna
Kadar sapoe sapeuting kaluarna

Ari galibna genep atawa tujuh
Najan kaluarna geutih heunte puguh

Lima belas dinten zaman pang seueurna
Najan sajam unggal dinten kaluarna

Suci antara dua haid saeutikna
Lima belas dinten sinareung wengina

Ari dua puluh tilu atanapi
Dua puluh opat galibna di istri

Ari seueurna suci teu dianggeuran
Sok aya istri saumur teu kotoran

Lamun datang hadats sangges manjing waktu
Anu mahi keur solat nu boga waktu

Halna tacan solat dina waktu eta
Maka wajib qodho solat nu harita

Lamun lengit maning maka wajib mandi
Najan tacan nepi kana galib suci

Lamun waktu aya keneh terus solat
Mun teu aya teras qodho kade lepat

Najan eta waktu solat ngan sakadar
Zaman takbiratul ihram teu ditilar

Sarta wajib qodo anu samemehna
Solat waktu anu meunang di jamakna

Kaya suci waktu isya sareng asar
Maka wajib qodho magrib sareng zdohar

Ari salian ti eta kaya suci
Waktu subuh qodho subuh bae hiji

Ari saeutikna kadar zaman nifas
Eta sakecretan geutih hanteu teuras

Ari galib nifas opat puluh dinten
Pang seueurna zaman genep puluh dinten

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Nadzom fiqih basa sunda

Karangan : Ajengan Juwaeni Ibnu Abdurrahman BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIM 19.   PASAL WAKTU ANU HARAM DIPAKE   SHOLAT Haram shol...