BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIM
10.
PASAL MERTELAKEUN SYARAT WAJIB,SYARAT SYAH DAN RUKUN
SHOLAT
Syarat wajib sholat genep masing apal
Hiji islam dua baligh tilu akal
Opat boga rungu kalima ningali
Genep kadatangan pangahaq ti nabi
Syarat syahna sholat dalapan perkara
Hiji mudu suci tina hadats dua
Dua suci tina najis dina badan
Dina tempat sareng dina papakean
Tilu nutup orat opat madep kiblat
Lima mudu geus manjing waktuna sholat
Genep nyaho kana kaparduan nana
Tujuh ulah nekadkeun sunah farduna
Kadalapan ngajauhan sakabehna
Nungabatalkeun kana sholat manehna
Rukun solat tujuh belas hiji niat
Dina hate neja fardu eta sholat
Dua takbiratul ihrom nu katilu
Nangtung ka jalma kawasa dina fardu
Opat maca fatihah kalima ruku’
Genep tuma’ninah dina waktu ruku’
Tujuh i’tidal dalapan tuma’ninah
Dina eta i’tidalna masing rineh
Kasalapan sujud dua kasapuluh
Dina eta sujud dua tuma’ninah
Kasabelas diuk dina antarana
Sujud dua rukun kadua belasna
Tuma’ninah dina diuk anu tadi
Tilu belas tahiyyat anu pandeuri
Opat belas diuk tahiyyat pandeuri
Lima belas maca solawat ka nabi
Genep belas aweh salam nu mimiti
Tujuh belas tartib dina rukun tadi
Tidak ada komentar:
Posting Komentar